Kaèndahan alam
Karya : Dinni Faturrohmah
cahaya panon poè
nyaangan ka sawah
deukeut gunung nu hèjo
hiliwirna angin
mawa tiis kana ati
Tatangkalan tinggarupay
Nambah èndahna alam
Di senja ieu...
Lemah cai anu geus loba ku polusi
kandaraan nu bijil di gunung mawa batu
laliwat jalan urang
jalan nu tadina ngeunaheun
ayeuna polusi dimana-mana
Kaèndahan alam anu rèk punah
gunung nu rèk seep
di jadikeun bahan industri
sawah nu hèjo
ayeuna jadi tempat pribumi nu daratang
rèk kumaha kota urang kahareup na?
barèto gunung nu alus
curug anu caina tiis
patani anu sok nyarawah
Ayeuna..
di cicingan ku pribumi nu daratang
di jadikeun pabrik,Mall anu alus
iraha urang rèk bangkit
ngaèndahkeun alam urang deui
saha deui lamun lain urang
nu ngajaga kota urang
Karawang,71014
Tidak ada komentar:
Posting Komentar