Kamis, 30 Oktober 2014

"Pajuang"

Wasta : Mariam fauziah
kelas : XI IPA 3

PAJUANG

Zaman baheula mah pajuang-pajuang indonesia
teh ngabela nagara,
Nepi ka ,ngorbankeu nyawana
Nepi ngaruksak harga dirina
Naha atuh ayeuna ?
,rakya teh teu paduli ieuh
pajabat-pajabat malah korupsi
pajabat-pajabat geus leungit harga dirina jeung
kahormatanna
pajabat-pajabat teu ngahargaan rakyat leutik
iraha indonesia rek maju ari kieu wae mah
sok sedih ari inget pajuang jaman baheula teh
rakyat ayeunamah kos kieu
Cuma bisa ngadoa
supados rakyat indonesia teh bisa ngahargaan
pajuang-pajuang baheula
supados rakyat indonesia ,teh inget ka pajuang
inget ka jasa -jasa na
inget pangorbanana
abeh rakyat indonesia teh bisa maju
abeh rakyat indonesia teh bisa ngarasakeun
kumaha baheula pajuang indonesia ..

"Kaayaan lingkungan"

Kaayaan lingkungan.

Tiis kaayaan di daêrah pasisian
Loba pagunungan, loba tatangkalan anu arendah
aralus harejo
Subur pepelakan, sagala rupa anu jadi di daerah
ieu teh.
Cuaca anu seger
Jadi teu heran sok loba anu arulin ka daerah ieu,
sabab didieu teh
loba tempat wisata anu seer jeung kaayaan nage
arendah katingalina.
Komo lamun ahir tahun ayena mah, unggal geus
poe libur sok raloba anu
daratang ka tempat ieu teh.
Anu leuwih parah deui dina kaayaan jalan nage
sok macet. Pinuh
kukandaraan pangunjung anu arulin.
Gara-gara ku hal eta jadi leuwih rame, lantaran
loba anu daragang
disisi jalan. Kajadian kitu teh unggal taun ngan
kaulang wae, tapi
osok loba keneh wae anu arulin ka tempat wisata
pasisian ieu teh.

Wasta : Apipah
Kelas : XI MIA 3

Rabu, 29 Oktober 2014

"Kaendahan lembur"

Wasta :Siti Patimah
kelas :XI mia 3

Lingkungan

Nempo Ka Wetan
Aya pasawahan
Nempo ka Kulon
Aya Pagunungan
Nempo ka Kidul
Aya Jajalanan
Tur,Loba Jalmi Liliaran
Nempo Ka Kaler
Aya Imah
Nyaeta Imahna tatanga kuring
Sanajan Hirup Kuring Di Lembur. Tapina kuring
Ngarasa Bangga. Ku
sabab Endahna Lembur kuring
Gusti anu agung
Gusti Anu Maha Gopur
Meni endah nyiptakeun Lembur- kuring
Di Hareup Aya Sawah
Di tukang Aya gunung
Di gigir aya jalan
Jeung Di gigirna
Sanajan Lembur Kuring Leutik
sanajan Lembur kuring kacentèt
Tapina Kuring Ngarasa bangga
Tur Endahna Lembur Kuring
Gusti Anu Agung
Gusti Nu Maha Gopur
Anjeuna Maha Adil
Anjeuna Maha Kaya
Anjeuna Nyiptakeun Lembur- kuring
Tur Meuni Endahna
Endahna Kawas Anjeun
Kuring moal ngalupakeun
kuring moal ninggalkeun
Lembur kuring anu kacida- endahna
Tapina kuring bakal Ngajaga
kuring bakal ngarawat
lembur kuring anu endahna
Abeh euweuh nu ngahina
Sanajan lembur kuring sok dihina
sanajan lembur kuring di-
bandingkeun
tapina kuring teuteup cinta
kuring teuteup bangga
ngagaduhan lembur
nu kacida endahna
Gusti agung
Gusti nu maha gopur
Kuring ngahaturkeun nuhun
Anjeuna geus nyiptakeun lembur- kuring
Anu kacida endahna

Indung

Wasta:Nurfitri Handayani
Kelas:XI mia 3

INDUNG

Di peuting anu tiis
Kalayan berselimut kasorangan
Kuterbangun melong wiati wiati
kamar kuring
Terlintas di benak sosok engkau
Anu sok marengan kuring mapag
isuk-isuk
Anu sok marengan kuring
ngarasakeun panasnya sinar
panonpoé
Anu sok marengan kuring nyaksian
bulan sarta béntang
Sarta balik nganteur kuring ka dina
saré anu panjang
Kabéh éta kiwari teu bisa deui
kurasakan
Alatan ayeuna ku laér ti anjeun
Mekipun sabenerna ku teu bisa
Tapi ku yakin kabéh éta baris
lekasan
Indung………
Kuring sono kalayan senyummu
Kuring sono jeung kaasih nyaah
anjeun
Kuring sono kalayan belai
lembutmu
Kuring sono baris pelukmu
Ku hayang kau weruh éta
Indung………
Kau sok aya
Dina unggal hembusan nafasku
Dina unggal léngkah suku kuring
Dina unggal naon anu ku gapai
Alatan kau kitu hartosna dina hirup
kuring

kahirupan

Wasta :Entin
Kelas:XI Mia 3
Tema :Lingkungan
Indung
Salapan Bulan kuring Di kandungan
Di babawa kamana anjeuna liliaran
Kumaha beuratna capena
Leuseuhan Anjeuna Ngandung
Tapi Kuring Gubrag kadunya
Di lahirkeun Ku anjeun
Unggal enjing
Unggal Wengi
Teu Karasa Capena
Anjeuna Mamangku
ngasuh mere asi Ka kuring
Tapi kuring Gede
Sapertos Ayeuna
Anjeuna Masih bisa nabahagia- keun kuring
moal Ka Ukur Jasana
Moal ka ukur Kasih Sayang
Anu mana tos tos d pasih keun ka- kuring
Teu aya Duana
Ngan Ukur Anjeuna Anu- Ngartikeun

Umi

Umi
Anjen anu sok aya
Amun abdi butuh anjen
Anjen anu masihan
Pitutur ka abdi
Anjen nu tara bosen-bosen
Nyariosan abdi
Amun abdi salah..
Umi...
Anjen sagalana piken abdi
Moal aya anu tiasa
Ngalangkungan rasa
Sayang umi ka abdi
Moal aya jalmi
Nu sasabar umi
Nu ngadidik abdi
Dugi ka ageng kieu
Najan ngadarung
Tapi umi tetep
Teu aya rasa sebel atawa
Ijid ka abdi
Anjen malah ngado'a jeung ngado'a
Supaya abi di jantenken
Jalmi anu sileh taat ka
Umi sareng abi..
Umi
Hatur nuhun atos sabar
Nyangharepan sipat abdi
Anu hese di warahna
Hapunten amun abdi
Seer kalepatan sareng
Hese di papatahan

Karya : Iis nuraena

"Kaendahan alam"

Kaèndahan alam

Karya : Dinni Faturrohmah

cahaya panon poè
nyaangan ka sawah
deukeut gunung nu hèjo
hiliwirna angin
mawa tiis kana ati
Tatangkalan tinggarupay
Nambah èndahna alam
Di senja ieu...
Lemah cai anu geus loba ku polusi
kandaraan nu bijil di gunung mawa batu
laliwat jalan urang
jalan nu tadina ngeunaheun
ayeuna polusi dimana-mana
Kaèndahan alam anu rèk punah
gunung nu rèk seep
di jadikeun bahan industri
sawah nu hèjo
ayeuna jadi tempat pribumi nu daratang
rèk kumaha kota urang kahareup na?
barèto gunung nu alus
curug anu caina tiis
patani anu sok nyarawah
Ayeuna..
di cicingan ku pribumi nu daratang
di jadikeun pabrik,Mall anu alus
iraha urang rèk bangkit
ngaèndahkeun alam urang deui
saha deui lamun lain urang
nu ngajaga kota urang

Karawang,71014

"Poe ieu"

                         POE IEU
Hayam kongkorongok
Ngahudangkeun alam dunya
Kolèbatbfajar tibelah wètan
Rèk nyorang poè munggaran
Nu èndah taya bandinganana
Borèlak cai kahirupan kacaangan
Sawah nu ngabèntang
Ci ibun masehan kènèh tatangkalan
Nyugemakeun kembang melati nu keur kembangan dipakarangan
Lila Lila laying hideung katembong
Nembongkeun kasusahan
Sora hujan gumuruh
Lumpat ti belah kulon
Guludug jejelebètan ngrurugkeun tatangkalan
Megatkeun tali pangharepan
Nyesa banjir cimata jeung padung

Wasta : SARIPUDIN

"Saum"

SAUM
Iwal ku kasadaraan jeung
katawakalan
Urang ngalaksanakeun teh
Kudu pinuh ku kasabaran
Soalna bakal pinuh ku cocoba
Nyanghareupan sagala cocoba
Beuteung nu murilit menta eusi
kukurubukan
Laparna meuni ka bina-bina
Kumaha atuh urang teh kudu
sabar
Da eta oge cocoba jeukeur jalma
nu puasa
Tikoro garing
hanaang
Awak alabatan anu
euweuh dagingan
Da ku maha atuh
ngarana ge puasa
Urang kudu biasa
ngalap sagala barokah
Di eusian ku rupa-
rupa ibadah
Ti mimiti bijil na
panon poe
Nepi ka surup na
panon poe
Mun dina mangsa
peuting na
Waktu sare di
kurangan
Iwal ku kasabaran jeung
kasadaran
Sagala karasa hampang
Lamun migawe nanaon ku sabar
Pasti karasana harampang
Najan teu kurang rasa nu aral
Sagalana karasa jadi siksaan
Da ieu teh jeukeur bekel di
akherat
Najan waktu buka can dating
Urang kudu sabar
Wasta :
Mar’atul afifah
Kelas : XI
MIA 3

"Agama"

AGAMA
Karya : fitri komalasari

Mun seug nataan hirup
Hirup teh Cuma saukur numpang
Cumin ukur nyarande
Moal salilana urang hirup di dunia
Tapi ku naon jelema geuas
poho ka kawajibana
Geus poho kanu nyiptakeun
na
Jaman kiwari geus euweuh nu
daraekeun sarolat
Geus euweuh nu daraekeun ngaraji
Geus ka arelehkeun ku jaman kiwari nu
geus modern
Agama nu geus ka
singkirkeun ku jaman kiwari
Jelema nu geus
ngaleungitkeun rasa ka imanan ka gusti
Allah swt
Jelema nu teu sarieuneun ku
siksa naraka
Jelema nu ngagedekeun rasa
napsuna dina kahirupan dunia
na
Mun seug nataan agama
Agama teh bekelna hirup
Boh hirup di dunia
Boh hirup di akherat

"Indung"

wasta:kardinar
kelas : X1.MIA3

indung
salapan bulan kuring di kandung
bra ka alam dunya di papag kadedeuh
kanyaah indung ka kuring
moal ka ukur sanajan saluas bumi

taya kadedeuh iwal kadedeuh indung
du'a jeung pang harepna
setia maturan renghap napas kuring

indung nu nganteur kuring ka kadewasaan
mapag harepna
rasa jung pangorbanan
moal bisa di gnti ku eusi dunya
indung nu ngurus abdi pikeun ka abdi
jadi dwasa kieu
gawe beurang jeung peuting
kanggo abdi
indung nu sok aya di gigir abdi
nyemangatan abdi lamun abdi cerik
abdi cape

indung nu cn pernh menta imbalan nanaon
cuma hayang urang sukses
jeung urang nurut
indung nu ngajurukeun urang
pinuh ku perjuangan

indung sagala-galana jang urang
Taya lian iwal rido dijugjugna sujud unggal peuting

"Lembur kuring"

Wasta :Rina wijaya
kelas :Xl mia 3

                     Lembur kuring
Sabana enjing muka jendela
Ditilik Di rasa
Lembur kuring anu endah
Uplak-aplak pesawahan
Anu d jieun,di jaga ku para petani

      Lembur kuring.........
      Tinggarupay Tatangkalan
      Di sapanjang sisi-sisi jalan
      Sora manuk Kembangan
      Hiliwir angin. ...
      Mantak tiis kana ati....

Lembur kuring....
Jalmina Rarukan
Damai jeung sajahtera
Dina ngalakukeun sagala kagiatan