Minggu, 07 Desember 2014

Karawang

NYAKSIAN LAKU LAMPAH KARAWANG

Karawang.....
Karawang.....
Didiyeu kuring nangtung
Didiyeu kuring nyaksian

Sabada kuring nangtung dikota karawang
Sabada kuring nangtung disela-sela kota jeung kampung
Tah didinya kuring nangtung
Tah didinya kuring nyaksian

Kuring nyaksian laku lampah hadé gooréng
Kuring nyaksian lalakon jeung lalakon numancawura
Nah didinya kuring nyaksian laku lampah
Nah didinya kuting nyaksian robahna kota karawang

KARYA : SARIPUDIN
KELAS : XI IPA 3

Senin, 01 Desember 2014

Alam

"lembur kuring"

Saban  njing muka jand la Tatangkalan pinuh kekembangan Nambih  ndah pamandangan Sora manuk nembangan Anu sakitu ngeplak  ndahna Mung ku jaman ayeuna Anu kitu atos lengit tatangkalan anu ar ndah Jadi gedong-gedong Manuk anu unggal  njing kadangu sorana Ayeuna mah tos teu aya deui Kuring rumaos kadiri Saha anu lepat Anu ngajadikeun lembur rusak Ku ayana gedong-gedong  ta Mung kajadian baheula

KARYA : DINDIN JALALUDIN
KELAS : XI IPA 3

Karawang

Wasta : Nurfitri Handayani  Kelas  :XI Mia3                  Karawang Baheula wiwitan perjuangan sumanget para pahlawan Nu Ngjuangkeun ngalawan penjajah Nu datang ka Kota karawang Baheula Kota karawang teh kota biasa Naha Ayeuna loba pabrik Di sapanjang jalan Naha Nubogana urang luarr Naha atuhh lain pribumi Lembur karawang geus teu endah deui Pasawahan Teh dijadikeun pabrik susukan teu herang deui Hayu Sarerea Ngajaga Kota karawang Anu Dipika cinta ku Arurang sadayana

Karawang

          KARAWANG Kuring dilahirkeun di karawang Kuring tileuleutik nepi ka ayeuna di karawang Kuring bangga jadi orang karawang , sabab karawang teh seeur keneh kaendahan alamna saperti gunung ,sawah , jeung sajabana Tapi , kuring kacewa .. Kacewa ka Karawang anu ku simkuring dipikacinta, anu bareto disebut kota pare Naha atuh ayeuna kalah loba pabrik ,? ngaruksak pamandangan .. henteu endah deui kos baheula.. wasta : Mariam Fauziah

Karawang

              Karawang Karawang tempat urang di lahirkeun Karawang tadina disebut kota padi ayeuna mah jadi kota industri Karawang tadina kota nu tiis Loba tatangkalan nu harèjo sawah anu lega Ayeuna mah geus teu kitu deui Ayeuna mah loba pabrik,imah jeung toko-toko anu didirikeun Tadina cai anu hèrang ayeuna mah kiruh jeung kotor Kusabab sok loba nu miceun sampah di ka cai keun Urang kudu bisa ngajaga kota urang sorangan Jadi kota anu bersih,tenang jeung aman Siska sri awaliah XI ipa 3

Karawang

"KARAWANG"

Karawang kota padi
Karawang kota urang dilahirkeun
Kota anu urang nuntut elmu tileuleutik
Kota pinuh ku sajarah hirup

KARYA : HELVIA S.H
KELAS : XI IPA 3

Indung

"INDUNG"

Luh taujung seungitna marganing
Wuyuh liuh indung perbawa
Nu cadu nundung mun didunya
Ngan aya indung jeung bapa
Bakal bisa ngawasa sajagat raya
Ngan indung mém méméh miung diélingan
Lamun hirup ngan ngumbar Karel sorangan
Temalina poho ka indung nunggu ditungtung
Ngan hanjakal bakal jadi nu cikal
Pamanggih....
Salapan bulan ngandung
Moal aya hiji jalma leuwih tiindung micinta
Indung gudang hapura
Moal aya hiji jalma
Leuwih tianak rumasa
Anak gudang cosa
Salapan bulan ngandung
Pinuh rasa jeung rumasa
Salapan bulan dikandung pinuh rasa dosa jeung rumasa

KARYA : HELVIA S.H
KELAS : XI IPA 3

Indung

"INDUNG"

Anjrun nu satia ngurus abdi nyampe saageung kieu
Anjeun Tara itung-itung naon any geus dijuangkeun pikeun urang
Indung anu nagndung urang
Indung anu ngrus urang
Ti orok nepikeun ka gédé
Ngan anjeuna tara ngeluh lamun urang hese diwarahna
Tara ijid lamun urabg ngadarung
Ngan anjeuna terus ngado'a jeung nagdo'a
Supaya anakna jadi jalma bener
Soleh solehah jeung taat ka indung bapana
Anjeuna tara aya rasa sebel atawa ijid ka anakna
Lantaran nyaahna indung ka anak
Kusabab hnteu aya indung
Anu henteu nyaah ka anakna
Sanadarung-ngadarungna eta anak indung pasti nyaah
Kulantaran kitu urang jadi anak ulah sok ngadarung

KARYA : SITI MAEMUNAH
KELAS: XI IPA 3

Karawang

"KARAWANG KOTA NU ÉNDAH"

Karwang mangrupakeun kota jalahiran
Kota nu dipikabangga, anu dipikacinta
Sabab karwang Teh kota nu éndah
Beunghar Ku pamandanganana
Karawang kota nu éndah
Ku héjona tatangkalan
Ayeuna geus kasingkirkeun
Kusabab ayana pabrik-pabrik nu dibangun
Karawang nu héjo Ku pagunungan
Ayeuna geus rusak
Kusabab ulah urang saréréa kénéh
Mun urang busa ngarawat mah
Karawang tempat kalahiran nurang saréréa
Moal teupikeun ka singkirkeun

KARYA : ACIH SUWARSIH
KELAS : XI IPA 3

Babaturan

"BABATURAN"
Babaturan nyaéta jalmi nu sok ngupingkeun abdi carita
Babaturan sagalana pikeun abdi
Kusabab babaturan nu sok ngabaturan abdi amun keur aya masalah
Anu sok masihan saran
Banaturan...
Anu sok ngadamel abdi hilap kanu masalah
Anu soj ngadamel abdi bungah
Sabab guyonanna
Abdi seneng, abdi bungah
Ngagaduhan babaturan
Nu sok aya pikeun abdi
Kusabab amun teu aya babatura
Hirup abdi ngarasa kurang lengkap
Kusabab moal aya nu ngadamel guyonan
Moal aya nu ngadamel hate tenang
Moal aya nu ngadamel dinten-dinten karaos
Bungah amun caket babaturan

KARYA : WINDA YANTI SOPANDI
KELAS : XI IPA 3

Alam

"HALODO PANJANG"
Cik tingali....
Cai nu keur baheula
Ngalir sing golontor
Ayeuna katingali leutik juleung saraat
Tatangkalan anu baheula ariuh
Ayeuna mah regas jeung gararaing
Cik taringali....
Taneuh biki dieu biki gararing
Meuni nepikeun kabareulah
Geus babara minggubhujan hnteu turun
Kunaon angin beuki dieu beuki ngagelebug
Nyingkahkeun langit nu rék hujan

KARYA : DINAH
KELAS : XI IPA 3

Karawang

KARAWANG
Karawang tempat kuring dilahirkeun
Karawang tempat kuring icing
Karawang kota nu kacuda éndahna
Nu baheula kota padi
Nu ayeuna jadi kota industrial
Karwang loba keneh ngaran-ngaran karuhun
Nu katindih kunulian
Karawang nu baheula
Hejo Ku tatangkalan
Nu èndah Ku pamandangan
Nu ayeuna geus robah kusagalana

KARYA : DINAH
KELAS : XI IPA 3

Keagamaan

JAMAN AYEUNA
Allahu akbar allahu akbar
Sakabeh manusia pasti ngucapkeun eta kalimah
Sakabeh manusa pasti nyaho eta kalimah
Diunggal tempat kecapn asarua
Diunggal tempat eta hartina sarua
Allahu akbar allahu akbar
Sakabeh umat manusia ngucapkeun eta kalimah
Sakabeh umat islam ngucapkeun eta kalimah
Ngagunakeun kanu nyiptakeun
Allahu akbar allahu akbar
Eta kalimah nandakeun urang meunang
Meunang tina sagala hal
Tapi kunaon umat manusia ayeuna sok silih nuduh sok pangbenerna
Nepikeun ngahilangkeun juwa dulurna sorangan
Jalma ayeuna sok silih perang jeung dulurna sorangan
Sok silih hina jeung umatna
Padahal....
Kalimah sahadat anu sarua
Nyembah janu sarua
Panutanna nu sarua
Ngalakukeun hal nu sarua

KARYA : RUMINAH
KELAS : XI IPA 3

Minggu, 30 November 2014

Karawang

WAHANGAN CURUG CIGEUNTIS

Baheula mah wahangan cigeutis
Meuni endah tur bersih
Tearaya runtah sing arambang
Mantak pikabeutaheun pikeun kuring
Tapi ayeuna mah wahanagan curug cigeutis teh geus beda
Geus pinuh ku runtah anu sing arambnag
geus teu mantak pikabeutaheun ditingalina
Hiji wanci kuring bakal ngalestarikeun wahangan cigeuntis
Supaya jadi wahangan anu bersih tur endah

KARYA : NIRAH SRI RAHAYU
KELAS : XI IPA 3

Karawang

KARAWANG JADI KOTA INDUSTRI

Karawang mangrupakeun kota anu endah pamandangannana
Tapi karawang anu sakitu endahna 
Jadi rusak kajabikan loba pabrik nu dijieun ku urang luar
Pamandanganan anu endah
Ayeuna mah jadi teu endah
Caina anu herang ngaburilak 
Ayeuna mah jadi kiruh
Patempatan anu tariis
Ayeuna mah jadi paranas
Kusababab tatangkalan anu ditaluaran
Dijadikeun pabrik

KARYA : MAR'ATUL AFIFAH
KELAS : XI IPA 3

Karawang

LINGKUNGAN
Karawang kota karawang
Dimana tempat urang dilahirkeun
Dileuleutik nepi ka ayeuna
Karawang tempat cicing urang ayeuna
Karawang anu baheula bersih
Tapi masyarakat ayeuna teu nyadar
Sampah aya dimana-mana
Miceun sampah kangenahna
Jadi loba sampah diwalungan
Loba sampah di sisi jalan
Sadarkeun masyarakat karawang ieu
Jadikeun jalma-jalma nu mulya
Lamun masyarakat nyadar
Kota karawang moal sig ayeuna
Moal aya sampah dimana-mana
Moal kotor siga ayeuna

KARYA : WINDA NURAIDA
KELAS : XI IPA 3

Karawang

KARAWANG
Karawang nyaeta kota padi
Kota anu endah
Kota anu damai
Jeung kota anu sejahtera
Karawang dimana kuring dilahirkeun
Kuring digedekeun
Nepi kuring teh nyaho eta karawang
Karawang nu tadina kota padi
Ayeuna jadi kota industri
Karawang ayeuna mah loba padatang anyar 
Padatang anu diluar negeri
Nepi ayeuna jalmi Karawang teh kaeelehkeun ku padatang anyar
Loba ngadirikeun pabrik-pabrik
Anu pemimpina teh lain orang Karawang
Ayeuna orang Karawang loba nu jadi pangganguran
Kusababa kaelehkeun ku jamli padatang anyar atawa jalmi luar negeri

KARYA : NENG NURHALIMAH
KELAS : XI IPA 3

Karawang



KARAWANG
Karawang nyaéta kota
Dimana kuring dilahirkeun
Karawang nyaéta kota
Dimana kuring di gedékeun
Karawang mangrupa kota éndah
Loba tempat-tempat nu éndah
Loba curug-curug caina nu hérang
Loba tempat-tempat nu jadi pariwisata
Kusabab karawang kota nu éndah
Loba urang luar nu daratang
Ningali kaayan kota karawang
Anu éndah, élok, jeung sejuk
Karawang jeung ayeuna béda
Kusabab tempat-tempat nu éndah
Dijadikeun pabrik-pabrik
Dijieunkeun tempat perumahan
Karawang kota padi
Ayeuna jadi kota industry
Kusabab loba nu diubah
Tadina pasawahan ayeuna dijieun tempat industri

KARYA  : ÉNTIN
KELAS : XI IPA 3


LEMBUR KURING



LEMBUR KURING

Najan jalana tarahal
Pinuh batu galitik
Tatangkalan ting rukunuk
Lembur kuring tempat bumentah
Wanci subuh
Sora hayam kongkorongok
Patembal jeung sora adzan
Dadi cirri nu mandiri
Kuring janji dina ati
Lembur matuh tempat nu iuh
Rék diteretes ku jampé pamaké
Ngajanggelek jadi lembur anu mashrur
Dagoan kuring
Hiji mangsa bakal dating deui
Mana oleh-oleh nu anéh
Keur ngawangun lembur kuring

WASTA : SUHERNI
KELAS           : XI IPA 3

Jumat, 28 November 2014

Karawang

                KARAWANG Di dinya kuring dilahirkeun Di dinya kuring digedekeun nyaeta di kota karawang kota nu endah pamandanganna karawang kota nu endah hejo pasawahan seahna cai curug cigeuntis nu mantak tiis kana ati tapi.. jaman ayeuna mah beda jeung jaman baheula naheula pamandangan alamna endah naha ayeuna ruksak ku pabrik-pabrik loba nu daratang ka kota karawang loba pabrik-pabrik nu dijieun ku urang luar nu mantak ngaruksak kaendahan alam kota urang sadaya nyaeta kota karawang.... karya :Rina Wijaya

Senin, 17 November 2014

Karawang

Wasta  : Ruminah   
kelas   : XI mia 3
karawang           
karawang... baheula karawang teh endah loba pagunungan hejo        loba sasatoan ngaplak sawah na ci susukan herang isuk_isuk.... poek ku ibun nu tiis siga es rea jalma nu kasarawah naha ayeuna ...               eta sadaya tinggal carita   taya gunung nu hejo taya sawah nu ngaplak taya ci susukan nu herang

Kamis, 06 November 2014

Indung

WASTA:Neng Nurhalimah Kelas;xl mia 3                INDUNG Salapan bulan kuring di kandung Bra ka alam dunyya di papag ku kadeudeuh ka nyaah indung ka kuring moal bisa ka ukur sanajan saluas bumi ieu indung anu memperjuangkeun nyawana jangeun kuring jadi moal aya hiji jelema leuwih ti batan indung mi cinta saentos abdi lahir ka dunya iyeu indung anu ngurus kuring Anu pinuh ku pikadedeh jeung kanyaah ti leleutik nepi ka ayeuna dewasa indung nu sok aya di sisi kuring nu maturan kuring keur kuring sedih atawa bahagia indung teu menta imbalan ka kuring ngan indung cuman hayang nempo kuring teh beuner jadi jelema atanapi jelema sukses jasa jeung pangorbanan indung teh moal bisa di ganti ku eusi dunya Ridho allah aya di ridho indung

Karawang

            Karawang Urang di jurukeun di karawang Urang di gedekeun di karawang Urang ngadeug di karawang   Karawang tempat urang ulin   Karawang tempat urang diajar   Karawang tempat urang icing Urang ngarasa atoh Urang ngarasa betah Karya  : Intan Gurnita Resmi Kelas  : XI MIA-3 Mapel : Sunda

Selasa, 04 November 2014

Karawang

Wasta:Siti patimahh
KELAS:Xl mia3

  "Karawang"

Karawang nyaeta
Tempat dimana kuring lahir,
Kuring digedekeun,
Jeung nepi katingalina  ku kuring
Kumaha kaayaan kota karawang

Sanajan kota karawang lain kota ibu kota
Tapina kuring ngarasa bahagia
Ngagaduhan kota nu kacida endahna,
Loba tempat pariwisatana
Jeun loba sumber daya alamna

Tapina
Kaendahan jeung kakayaan
Nu aya di karawang
Teu endah kawas baheula
Jeung teu kaya kawas baheula

Nu tadina curug cigeuntis
Katingali endahna
Geus goreng katingalina
Kusabab,loba jalmi nu ngaruksak alamna
Nu tadina laut-laut warnana biru
Ayeuna mah warnana jadi coklat
Kusabab,loba sampah dipasisina
Jeung eweh nu ngarawatna
Nu tadina karawang kota pare
Ayeuna mah jadi kota industri
Kusabab,jalmi-jalmi urang karawang
Kaelehkeun ku pandatang..

Karawang

KARAWANG

Karya: Fitri Komalasari

Karawang mangrupakeun dayeuh anu
dipikacinta
Jeung mangrupakeun dayeuh anu
beunghar dina kakayaan alam
Dayeuh karawang kateulah ku dayeuh
pare
Pare anu salubur, tatangkalan anu
harejo.
Patempatan
anu tari’is
Kaayaan anu
harieum ku
tatangkalan anu endah
Walungan
anu harerang
Cai anu
ngolocor
mangrupakeun endahna kahirupan
Tapi kujaman kiwari
Jalmi geus teu mikirkeun kaendahan
dayeuh karawang
Karawang ayeuna mah mangrupakeun
dayeuh industri
Patempatan ayeuna geus teu
ngeunaheun
Patempatan geus paranas
Sabab tatangkalan di
dayeuh karawang ngan dituaran wae
Walungan nusakitu
herangna geus karuceul
Tatangkalan hejo nusakitu
endahna Geus garundul
Kusabab geus loba jalmi
nu nyarieun industri di
dayuh karawang.

Senin, 03 November 2014

Karawang

sejarah kerwang.
krawang nyaeta kota anu leutik tapi pinuh kusejarah hirup abdi
di karawang abdi di lahirkeun di gde keun,
pikeun ka abdi dewasa,

                 nama : kardinar
                 kelas : xi.mia3

Sabtu, 01 November 2014

Kaèndahan alam

         Kaéndahan Alam
Endahna pamandangan di sawah
Tatangkalan jeung jukut nu haréjo
Tambah hembusan angin
nu ngahiliwir
Nepikeun haté tiis jeung tenang

Tatangkalan jeung jukut aroyag
katiup ku angin nu ngahiliwir
Mamawa kaéndahan
cicing di sawah

Urang kudu ngajaga
alam nu masih merenah
Ulah nepikeun aya nu
ngarusak sangeunahna
Supaya asri kaéndahana

Wasta : Siska

Kamis, 30 Oktober 2014

"Pajuang"

Wasta : Mariam fauziah
kelas : XI IPA 3

PAJUANG

Zaman baheula mah pajuang-pajuang indonesia
teh ngabela nagara,
Nepi ka ,ngorbankeu nyawana
Nepi ngaruksak harga dirina
Naha atuh ayeuna ?
,rakya teh teu paduli ieuh
pajabat-pajabat malah korupsi
pajabat-pajabat geus leungit harga dirina jeung
kahormatanna
pajabat-pajabat teu ngahargaan rakyat leutik
iraha indonesia rek maju ari kieu wae mah
sok sedih ari inget pajuang jaman baheula teh
rakyat ayeunamah kos kieu
Cuma bisa ngadoa
supados rakyat indonesia teh bisa ngahargaan
pajuang-pajuang baheula
supados rakyat indonesia ,teh inget ka pajuang
inget ka jasa -jasa na
inget pangorbanana
abeh rakyat indonesia teh bisa maju
abeh rakyat indonesia teh bisa ngarasakeun
kumaha baheula pajuang indonesia ..

"Kaayaan lingkungan"

Kaayaan lingkungan.

Tiis kaayaan di daêrah pasisian
Loba pagunungan, loba tatangkalan anu arendah
aralus harejo
Subur pepelakan, sagala rupa anu jadi di daerah
ieu teh.
Cuaca anu seger
Jadi teu heran sok loba anu arulin ka daerah ieu,
sabab didieu teh
loba tempat wisata anu seer jeung kaayaan nage
arendah katingalina.
Komo lamun ahir tahun ayena mah, unggal geus
poe libur sok raloba anu
daratang ka tempat ieu teh.
Anu leuwih parah deui dina kaayaan jalan nage
sok macet. Pinuh
kukandaraan pangunjung anu arulin.
Gara-gara ku hal eta jadi leuwih rame, lantaran
loba anu daragang
disisi jalan. Kajadian kitu teh unggal taun ngan
kaulang wae, tapi
osok loba keneh wae anu arulin ka tempat wisata
pasisian ieu teh.

Wasta : Apipah
Kelas : XI MIA 3

Rabu, 29 Oktober 2014

"Kaendahan lembur"

Wasta :Siti Patimah
kelas :XI mia 3

Lingkungan

Nempo Ka Wetan
Aya pasawahan
Nempo ka Kulon
Aya Pagunungan
Nempo ka Kidul
Aya Jajalanan
Tur,Loba Jalmi Liliaran
Nempo Ka Kaler
Aya Imah
Nyaeta Imahna tatanga kuring
Sanajan Hirup Kuring Di Lembur. Tapina kuring
Ngarasa Bangga. Ku
sabab Endahna Lembur kuring
Gusti anu agung
Gusti Anu Maha Gopur
Meni endah nyiptakeun Lembur- kuring
Di Hareup Aya Sawah
Di tukang Aya gunung
Di gigir aya jalan
Jeung Di gigirna
Sanajan Lembur Kuring Leutik
sanajan Lembur kuring kacentèt
Tapina Kuring Ngarasa bangga
Tur Endahna Lembur Kuring
Gusti Anu Agung
Gusti Nu Maha Gopur
Anjeuna Maha Adil
Anjeuna Maha Kaya
Anjeuna Nyiptakeun Lembur- kuring
Tur Meuni Endahna
Endahna Kawas Anjeun
Kuring moal ngalupakeun
kuring moal ninggalkeun
Lembur kuring anu kacida- endahna
Tapina kuring bakal Ngajaga
kuring bakal ngarawat
lembur kuring anu endahna
Abeh euweuh nu ngahina
Sanajan lembur kuring sok dihina
sanajan lembur kuring di-
bandingkeun
tapina kuring teuteup cinta
kuring teuteup bangga
ngagaduhan lembur
nu kacida endahna
Gusti agung
Gusti nu maha gopur
Kuring ngahaturkeun nuhun
Anjeuna geus nyiptakeun lembur- kuring
Anu kacida endahna

Indung

Wasta:Nurfitri Handayani
Kelas:XI mia 3

INDUNG

Di peuting anu tiis
Kalayan berselimut kasorangan
Kuterbangun melong wiati wiati
kamar kuring
Terlintas di benak sosok engkau
Anu sok marengan kuring mapag
isuk-isuk
Anu sok marengan kuring
ngarasakeun panasnya sinar
panonpoé
Anu sok marengan kuring nyaksian
bulan sarta béntang
Sarta balik nganteur kuring ka dina
saré anu panjang
Kabéh éta kiwari teu bisa deui
kurasakan
Alatan ayeuna ku laér ti anjeun
Mekipun sabenerna ku teu bisa
Tapi ku yakin kabéh éta baris
lekasan
Indung………
Kuring sono kalayan senyummu
Kuring sono jeung kaasih nyaah
anjeun
Kuring sono kalayan belai
lembutmu
Kuring sono baris pelukmu
Ku hayang kau weruh éta
Indung………
Kau sok aya
Dina unggal hembusan nafasku
Dina unggal léngkah suku kuring
Dina unggal naon anu ku gapai
Alatan kau kitu hartosna dina hirup
kuring

kahirupan

Wasta :Entin
Kelas:XI Mia 3
Tema :Lingkungan
Indung
Salapan Bulan kuring Di kandungan
Di babawa kamana anjeuna liliaran
Kumaha beuratna capena
Leuseuhan Anjeuna Ngandung
Tapi Kuring Gubrag kadunya
Di lahirkeun Ku anjeun
Unggal enjing
Unggal Wengi
Teu Karasa Capena
Anjeuna Mamangku
ngasuh mere asi Ka kuring
Tapi kuring Gede
Sapertos Ayeuna
Anjeuna Masih bisa nabahagia- keun kuring
moal Ka Ukur Jasana
Moal ka ukur Kasih Sayang
Anu mana tos tos d pasih keun ka- kuring
Teu aya Duana
Ngan Ukur Anjeuna Anu- Ngartikeun

Umi

Umi
Anjen anu sok aya
Amun abdi butuh anjen
Anjen anu masihan
Pitutur ka abdi
Anjen nu tara bosen-bosen
Nyariosan abdi
Amun abdi salah..
Umi...
Anjen sagalana piken abdi
Moal aya anu tiasa
Ngalangkungan rasa
Sayang umi ka abdi
Moal aya jalmi
Nu sasabar umi
Nu ngadidik abdi
Dugi ka ageng kieu
Najan ngadarung
Tapi umi tetep
Teu aya rasa sebel atawa
Ijid ka abdi
Anjen malah ngado'a jeung ngado'a
Supaya abi di jantenken
Jalmi anu sileh taat ka
Umi sareng abi..
Umi
Hatur nuhun atos sabar
Nyangharepan sipat abdi
Anu hese di warahna
Hapunten amun abdi
Seer kalepatan sareng
Hese di papatahan

Karya : Iis nuraena

"Kaendahan alam"

Kaèndahan alam

Karya : Dinni Faturrohmah

cahaya panon poè
nyaangan ka sawah
deukeut gunung nu hèjo
hiliwirna angin
mawa tiis kana ati
Tatangkalan tinggarupay
Nambah èndahna alam
Di senja ieu...
Lemah cai anu geus loba ku polusi
kandaraan nu bijil di gunung mawa batu
laliwat jalan urang
jalan nu tadina ngeunaheun
ayeuna polusi dimana-mana
Kaèndahan alam anu rèk punah
gunung nu rèk seep
di jadikeun bahan industri
sawah nu hèjo
ayeuna jadi tempat pribumi nu daratang
rèk kumaha kota urang kahareup na?
barèto gunung nu alus
curug anu caina tiis
patani anu sok nyarawah
Ayeuna..
di cicingan ku pribumi nu daratang
di jadikeun pabrik,Mall anu alus
iraha urang rèk bangkit
ngaèndahkeun alam urang deui
saha deui lamun lain urang
nu ngajaga kota urang

Karawang,71014

"Poe ieu"

                         POE IEU
Hayam kongkorongok
Ngahudangkeun alam dunya
Kolèbatbfajar tibelah wètan
Rèk nyorang poè munggaran
Nu èndah taya bandinganana
Borèlak cai kahirupan kacaangan
Sawah nu ngabèntang
Ci ibun masehan kènèh tatangkalan
Nyugemakeun kembang melati nu keur kembangan dipakarangan
Lila Lila laying hideung katembong
Nembongkeun kasusahan
Sora hujan gumuruh
Lumpat ti belah kulon
Guludug jejelebètan ngrurugkeun tatangkalan
Megatkeun tali pangharepan
Nyesa banjir cimata jeung padung

Wasta : SARIPUDIN

"Saum"

SAUM
Iwal ku kasadaraan jeung
katawakalan
Urang ngalaksanakeun teh
Kudu pinuh ku kasabaran
Soalna bakal pinuh ku cocoba
Nyanghareupan sagala cocoba
Beuteung nu murilit menta eusi
kukurubukan
Laparna meuni ka bina-bina
Kumaha atuh urang teh kudu
sabar
Da eta oge cocoba jeukeur jalma
nu puasa
Tikoro garing
hanaang
Awak alabatan anu
euweuh dagingan
Da ku maha atuh
ngarana ge puasa
Urang kudu biasa
ngalap sagala barokah
Di eusian ku rupa-
rupa ibadah
Ti mimiti bijil na
panon poe
Nepi ka surup na
panon poe
Mun dina mangsa
peuting na
Waktu sare di
kurangan
Iwal ku kasabaran jeung
kasadaran
Sagala karasa hampang
Lamun migawe nanaon ku sabar
Pasti karasana harampang
Najan teu kurang rasa nu aral
Sagalana karasa jadi siksaan
Da ieu teh jeukeur bekel di
akherat
Najan waktu buka can dating
Urang kudu sabar
Wasta :
Mar’atul afifah
Kelas : XI
MIA 3

"Agama"

AGAMA
Karya : fitri komalasari

Mun seug nataan hirup
Hirup teh Cuma saukur numpang
Cumin ukur nyarande
Moal salilana urang hirup di dunia
Tapi ku naon jelema geuas
poho ka kawajibana
Geus poho kanu nyiptakeun
na
Jaman kiwari geus euweuh nu
daraekeun sarolat
Geus euweuh nu daraekeun ngaraji
Geus ka arelehkeun ku jaman kiwari nu
geus modern
Agama nu geus ka
singkirkeun ku jaman kiwari
Jelema nu geus
ngaleungitkeun rasa ka imanan ka gusti
Allah swt
Jelema nu teu sarieuneun ku
siksa naraka
Jelema nu ngagedekeun rasa
napsuna dina kahirupan dunia
na
Mun seug nataan agama
Agama teh bekelna hirup
Boh hirup di dunia
Boh hirup di akherat

"Indung"

wasta:kardinar
kelas : X1.MIA3

indung
salapan bulan kuring di kandung
bra ka alam dunya di papag kadedeuh
kanyaah indung ka kuring
moal ka ukur sanajan saluas bumi

taya kadedeuh iwal kadedeuh indung
du'a jeung pang harepna
setia maturan renghap napas kuring

indung nu nganteur kuring ka kadewasaan
mapag harepna
rasa jung pangorbanan
moal bisa di gnti ku eusi dunya
indung nu ngurus abdi pikeun ka abdi
jadi dwasa kieu
gawe beurang jeung peuting
kanggo abdi
indung nu sok aya di gigir abdi
nyemangatan abdi lamun abdi cerik
abdi cape

indung nu cn pernh menta imbalan nanaon
cuma hayang urang sukses
jeung urang nurut
indung nu ngajurukeun urang
pinuh ku perjuangan

indung sagala-galana jang urang
Taya lian iwal rido dijugjugna sujud unggal peuting

"Lembur kuring"

Wasta :Rina wijaya
kelas :Xl mia 3

                     Lembur kuring
Sabana enjing muka jendela
Ditilik Di rasa
Lembur kuring anu endah
Uplak-aplak pesawahan
Anu d jieun,di jaga ku para petani

      Lembur kuring.........
      Tinggarupay Tatangkalan
      Di sapanjang sisi-sisi jalan
      Sora manuk Kembangan
      Hiliwir angin. ...
      Mantak tiis kana ati....

Lembur kuring....
Jalmina Rarukan
Damai jeung sajahtera
Dina ngalakukeun sagala kagiatan