Minggu, 07 Desember 2014

Karawang

NYAKSIAN LAKU LAMPAH KARAWANG

Karawang.....
Karawang.....
Didiyeu kuring nangtung
Didiyeu kuring nyaksian

Sabada kuring nangtung dikota karawang
Sabada kuring nangtung disela-sela kota jeung kampung
Tah didinya kuring nangtung
Tah didinya kuring nyaksian

Kuring nyaksian laku lampah hadé gooréng
Kuring nyaksian lalakon jeung lalakon numancawura
Nah didinya kuring nyaksian laku lampah
Nah didinya kuting nyaksian robahna kota karawang

KARYA : SARIPUDIN
KELAS : XI IPA 3

Senin, 01 Desember 2014

Alam

"lembur kuring"

Saban  njing muka jand la Tatangkalan pinuh kekembangan Nambih  ndah pamandangan Sora manuk nembangan Anu sakitu ngeplak  ndahna Mung ku jaman ayeuna Anu kitu atos lengit tatangkalan anu ar ndah Jadi gedong-gedong Manuk anu unggal  njing kadangu sorana Ayeuna mah tos teu aya deui Kuring rumaos kadiri Saha anu lepat Anu ngajadikeun lembur rusak Ku ayana gedong-gedong  ta Mung kajadian baheula

KARYA : DINDIN JALALUDIN
KELAS : XI IPA 3

Karawang

Wasta : Nurfitri Handayani  Kelas  :XI Mia3                  Karawang Baheula wiwitan perjuangan sumanget para pahlawan Nu Ngjuangkeun ngalawan penjajah Nu datang ka Kota karawang Baheula Kota karawang teh kota biasa Naha Ayeuna loba pabrik Di sapanjang jalan Naha Nubogana urang luarr Naha atuhh lain pribumi Lembur karawang geus teu endah deui Pasawahan Teh dijadikeun pabrik susukan teu herang deui Hayu Sarerea Ngajaga Kota karawang Anu Dipika cinta ku Arurang sadayana

Karawang

          KARAWANG Kuring dilahirkeun di karawang Kuring tileuleutik nepi ka ayeuna di karawang Kuring bangga jadi orang karawang , sabab karawang teh seeur keneh kaendahan alamna saperti gunung ,sawah , jeung sajabana Tapi , kuring kacewa .. Kacewa ka Karawang anu ku simkuring dipikacinta, anu bareto disebut kota pare Naha atuh ayeuna kalah loba pabrik ,? ngaruksak pamandangan .. henteu endah deui kos baheula.. wasta : Mariam Fauziah

Karawang

              Karawang Karawang tempat urang di lahirkeun Karawang tadina disebut kota padi ayeuna mah jadi kota industri Karawang tadina kota nu tiis Loba tatangkalan nu harèjo sawah anu lega Ayeuna mah geus teu kitu deui Ayeuna mah loba pabrik,imah jeung toko-toko anu didirikeun Tadina cai anu hèrang ayeuna mah kiruh jeung kotor Kusabab sok loba nu miceun sampah di ka cai keun Urang kudu bisa ngajaga kota urang sorangan Jadi kota anu bersih,tenang jeung aman Siska sri awaliah XI ipa 3

Karawang

"KARAWANG"

Karawang kota padi
Karawang kota urang dilahirkeun
Kota anu urang nuntut elmu tileuleutik
Kota pinuh ku sajarah hirup

KARYA : HELVIA S.H
KELAS : XI IPA 3

Indung

"INDUNG"

Luh taujung seungitna marganing
Wuyuh liuh indung perbawa
Nu cadu nundung mun didunya
Ngan aya indung jeung bapa
Bakal bisa ngawasa sajagat raya
Ngan indung mém méméh miung diélingan
Lamun hirup ngan ngumbar Karel sorangan
Temalina poho ka indung nunggu ditungtung
Ngan hanjakal bakal jadi nu cikal
Pamanggih....
Salapan bulan ngandung
Moal aya hiji jalma leuwih tiindung micinta
Indung gudang hapura
Moal aya hiji jalma
Leuwih tianak rumasa
Anak gudang cosa
Salapan bulan ngandung
Pinuh rasa jeung rumasa
Salapan bulan dikandung pinuh rasa dosa jeung rumasa

KARYA : HELVIA S.H
KELAS : XI IPA 3

Indung

"INDUNG"

Anjrun nu satia ngurus abdi nyampe saageung kieu
Anjeun Tara itung-itung naon any geus dijuangkeun pikeun urang
Indung anu nagndung urang
Indung anu ngrus urang
Ti orok nepikeun ka gédé
Ngan anjeuna tara ngeluh lamun urang hese diwarahna
Tara ijid lamun urabg ngadarung
Ngan anjeuna terus ngado'a jeung nagdo'a
Supaya anakna jadi jalma bener
Soleh solehah jeung taat ka indung bapana
Anjeuna tara aya rasa sebel atawa ijid ka anakna
Lantaran nyaahna indung ka anak
Kusabab hnteu aya indung
Anu henteu nyaah ka anakna
Sanadarung-ngadarungna eta anak indung pasti nyaah
Kulantaran kitu urang jadi anak ulah sok ngadarung

KARYA : SITI MAEMUNAH
KELAS: XI IPA 3

Karawang

"KARAWANG KOTA NU ÉNDAH"

Karwang mangrupakeun kota jalahiran
Kota nu dipikabangga, anu dipikacinta
Sabab karwang Teh kota nu éndah
Beunghar Ku pamandanganana
Karawang kota nu éndah
Ku héjona tatangkalan
Ayeuna geus kasingkirkeun
Kusabab ayana pabrik-pabrik nu dibangun
Karawang nu héjo Ku pagunungan
Ayeuna geus rusak
Kusabab ulah urang saréréa kénéh
Mun urang busa ngarawat mah
Karawang tempat kalahiran nurang saréréa
Moal teupikeun ka singkirkeun

KARYA : ACIH SUWARSIH
KELAS : XI IPA 3

Babaturan

"BABATURAN"
Babaturan nyaéta jalmi nu sok ngupingkeun abdi carita
Babaturan sagalana pikeun abdi
Kusabab babaturan nu sok ngabaturan abdi amun keur aya masalah
Anu sok masihan saran
Banaturan...
Anu sok ngadamel abdi hilap kanu masalah
Anu soj ngadamel abdi bungah
Sabab guyonanna
Abdi seneng, abdi bungah
Ngagaduhan babaturan
Nu sok aya pikeun abdi
Kusabab amun teu aya babatura
Hirup abdi ngarasa kurang lengkap
Kusabab moal aya nu ngadamel guyonan
Moal aya nu ngadamel hate tenang
Moal aya nu ngadamel dinten-dinten karaos
Bungah amun caket babaturan

KARYA : WINDA YANTI SOPANDI
KELAS : XI IPA 3

Alam

"HALODO PANJANG"
Cik tingali....
Cai nu keur baheula
Ngalir sing golontor
Ayeuna katingali leutik juleung saraat
Tatangkalan anu baheula ariuh
Ayeuna mah regas jeung gararaing
Cik taringali....
Taneuh biki dieu biki gararing
Meuni nepikeun kabareulah
Geus babara minggubhujan hnteu turun
Kunaon angin beuki dieu beuki ngagelebug
Nyingkahkeun langit nu rék hujan

KARYA : DINAH
KELAS : XI IPA 3

Karawang

KARAWANG
Karawang tempat kuring dilahirkeun
Karawang tempat kuring icing
Karawang kota nu kacuda éndahna
Nu baheula kota padi
Nu ayeuna jadi kota industrial
Karwang loba keneh ngaran-ngaran karuhun
Nu katindih kunulian
Karawang nu baheula
Hejo Ku tatangkalan
Nu èndah Ku pamandangan
Nu ayeuna geus robah kusagalana

KARYA : DINAH
KELAS : XI IPA 3

Keagamaan

JAMAN AYEUNA
Allahu akbar allahu akbar
Sakabeh manusia pasti ngucapkeun eta kalimah
Sakabeh manusa pasti nyaho eta kalimah
Diunggal tempat kecapn asarua
Diunggal tempat eta hartina sarua
Allahu akbar allahu akbar
Sakabeh umat manusia ngucapkeun eta kalimah
Sakabeh umat islam ngucapkeun eta kalimah
Ngagunakeun kanu nyiptakeun
Allahu akbar allahu akbar
Eta kalimah nandakeun urang meunang
Meunang tina sagala hal
Tapi kunaon umat manusia ayeuna sok silih nuduh sok pangbenerna
Nepikeun ngahilangkeun juwa dulurna sorangan
Jalma ayeuna sok silih perang jeung dulurna sorangan
Sok silih hina jeung umatna
Padahal....
Kalimah sahadat anu sarua
Nyembah janu sarua
Panutanna nu sarua
Ngalakukeun hal nu sarua

KARYA : RUMINAH
KELAS : XI IPA 3