Minggu, 30 November 2014
Karawang
Karawang
Karawang
KARYA : WINDA NURAIDA
KELAS : XI IPA 3
Karawang
Karawang
LEMBUR KURING
Jumat, 28 November 2014
Karawang
Senin, 17 November 2014
Karawang
Wasta : Ruminah
kelas : XI mia 3
karawang
karawang... baheula karawang teh endah loba pagunungan hejo loba sasatoan ngaplak sawah na ci susukan herang isuk_isuk.... poek ku ibun nu tiis siga es rea jalma nu kasarawah naha ayeuna ... eta sadaya tinggal carita taya gunung nu hejo taya sawah nu ngaplak taya ci susukan nu herang
Kamis, 06 November 2014
Indung
Karawang
Selasa, 04 November 2014
Karawang
Wasta:Siti patimahh
KELAS:Xl mia3
"Karawang"
Karawang nyaeta
Tempat dimana kuring lahir,
Kuring digedekeun,
Jeung nepi katingalina ku kuring
Kumaha kaayaan kota karawang
Sanajan kota karawang lain kota ibu kota
Tapina kuring ngarasa bahagia
Ngagaduhan kota nu kacida endahna,
Loba tempat pariwisatana
Jeun loba sumber daya alamna
Tapina
Kaendahan jeung kakayaan
Nu aya di karawang
Teu endah kawas baheula
Jeung teu kaya kawas baheula
Nu tadina curug cigeuntis
Katingali endahna
Geus goreng katingalina
Kusabab,loba jalmi nu ngaruksak alamna
Nu tadina laut-laut warnana biru
Ayeuna mah warnana jadi coklat
Kusabab,loba sampah dipasisina
Jeung eweh nu ngarawatna
Nu tadina karawang kota pare
Ayeuna mah jadi kota industri
Kusabab,jalmi-jalmi urang karawang
Kaelehkeun ku pandatang..
Karawang
KARAWANG
Karya: Fitri Komalasari
Karawang mangrupakeun dayeuh anu
dipikacinta
Jeung mangrupakeun dayeuh anu
beunghar dina kakayaan alam
Dayeuh karawang kateulah ku dayeuh
pare
Pare anu salubur, tatangkalan anu
harejo.
Patempatan
anu tari’is
Kaayaan anu
harieum ku
tatangkalan anu endah
Walungan
anu harerang
Cai anu
ngolocor
mangrupakeun endahna kahirupan
Tapi kujaman kiwari
Jalmi geus teu mikirkeun kaendahan
dayeuh karawang
Karawang ayeuna mah mangrupakeun
dayeuh industri
Patempatan ayeuna geus teu
ngeunaheun
Patempatan geus paranas
Sabab tatangkalan di
dayeuh karawang ngan dituaran wae
Walungan nusakitu
herangna geus karuceul
Tatangkalan hejo nusakitu
endahna Geus garundul
Kusabab geus loba jalmi
nu nyarieun industri di
dayuh karawang.
Senin, 03 November 2014
Karawang
sejarah kerwang.
krawang nyaeta kota anu leutik tapi pinuh kusejarah hirup abdi
di karawang abdi di lahirkeun di gde keun,
pikeun ka abdi dewasa,
nama : kardinar
kelas : xi.mia3
Sabtu, 01 November 2014
Kaèndahan alam
Kaéndahan Alam
Endahna pamandangan di sawah
Tatangkalan jeung jukut nu haréjo
Tambah hembusan angin
nu ngahiliwir
Nepikeun haté tiis jeung tenang
Tatangkalan jeung jukut aroyag
katiup ku angin nu ngahiliwir
Mamawa kaéndahan
cicing di sawah
Urang kudu ngajaga
alam nu masih merenah
Ulah nepikeun aya nu
ngarusak sangeunahna
Supaya asri kaéndahana
Wasta : Siska